Harita, dina mangsa awal proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia anu diproklamirkeun ku bapa Ir. Soekarno jeung bapa Drs. Mohammad Hatta dina tanggal 17 Agustus 1945, pulo Jawa jadi tilu bagian, diantarana :
Ø Jawa Barat Ibu kota di Bandung
Ø Jawa Tengah Ibu kota di Semarang
Ø Jawa Timur Ibu kota di Surabaya
Saterusna disebut propinsi, anu dipingpin ku saurang Gubernur.
Jawa Barat dibagi lima karesidenan, nyaeta :
1. Karesidenan Banten Ibu kotana di Serang
2. Karesidenan Jakarta Ibu kotana di Purwakarta
3. Karesidenan Bogor Ibu kotana di Bogor
4. Karesidenan Priyangan Ibu kotana di Bandung
5. Karesidenan Cirebon Ibu kotana di Cirebon
Propinsi Jawa Barat sok disebut tanah Pasundan anu harita wilayahna nu tangtu di cicingan ku masarakat anu marake Basa Sunda.
Tapi, warga laut Kaler mah henteu ngagunakeun Basa Sunda tapi Basa Jawa, naon sababna?
Ceuk sajarah mah, eta teh dilantarankeun pageuh kaitanana jeung panyerangan Sultan Agung Mataram ka pamarentahan Walanda ngaliwatan jalan darat di sapanjang laut kaler Jawa Barat anu ngakibatkeun loba laskar Sultan Agung anu katinggaleun, saentosna Bitotama teu bisa ka lemburna.
Karesidenan Cirebon kabagi opat Kabupaten, nyaeta Kabupaten Cirebon, Kabupaten Indramayu, Kabupaten Majalengka, jeung Kabupaten Kuningan.
Ari Kabupaten Kuningan diwangun jadi opat kawadanan, nyaeta Kawadanan Kuningan, Kawadanan Ciawigebang, Kawadanan Cilimus, jeung Kawadanan Luragung.
Ari Kawadanan Luragung diwangun jadi opat kacamatan, nyaeta Kacamatan Luragung, Kacamatan Cibingbin, Kacamatan Ciwaru, jeung Kacamatan Subang.
Kacamatan Subang diwangun jadi dalapan desa, nyaeta Desa Subang, Desa Gunung Aci, Desa Situgede, Desa Patala, Desa Bungur Beres, Desa Cilebak, Desa Legok Herang, Desa jalatrang, jeung Desa Pamulihan.
Desa Subang diwangun jadi sababaraha kampung anu harita mah dipingpin ku kulisi anu diangkat ku kuwu. Kampung-kampungna waktu harita : Kampung Tarikolot, Subang, Kancana,Cijambu, Cililitan, Bojong, Cicapar ( Cirahayu ), Bugel ( Bangunsari ), jeung Tangkolo.
Terus aya kamantren cilebak (nu Ayena ges jasi kecamatan Cilebak) anu ngaliputi, Desa Cilebak, Desa Legok Herang, Desa Mandapa Jaya, Desa Jalatrang, Desa Bungur Beres, Desa Patala.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar